maka dari itu ini beberapa kosakata bahasa sunda siapa tahu dah banyak urang sunda yang lupa
Abdas = Wudlu
Adean = Kabitaan / Ginding
Adigung = Boga Rasa Punjul Ti Batur
Ahéng = Aneh Jeung Hebat
Alatan = Sabab
Aléwoh = Loba Tatanya (Nu Bener)
Amit; Amitan = Menta Idin Rek Indit / Permisi
Ampih = Nyimpen
Amprok = Panggih Hareupeun / Patepung
Ancad Laér = Nyaritana Anca Pisan Atawa Laun Pisan
Ancin = Daharna Saeutik
Ancrub = Asup Kana Cai
Andika = Maneh
Andalemi = Lungguh Timpuh/Lemes Tingkah Lakuna
Anggang = Jauh / Renggang
Angkaribung = Loba / Riweuh Ku Babawaan
Angkeuhan = Sangkaan / Praduga
Andégléng = Diuk Ajeg Tumaninah Dina Korsi
Andéprok = Emok Rekep (Awewe)
Anjeucleu = Diuk Ngeunah-Ngeunah Di Tempat Nu Rada Luhur (Dina Tonggong Munding, Kuda)
Anjun = Tukang Nyieun Parabot Tina Taneuh
Anom = Ngora
Anléh = Bakat
Astana = Kuburan
Atikan = Didikan / Warahan
Awuntah = Sok Ngamomonyah Kana Rejeki / Boros
Baid = Teu Sudi
Babakan = Lembur Anyar
Babar = Lahir
Balaka = Terus Terang
Balungbang = Kamalir Gedé Sarta Rada Jero Tadah Cileuncang
Balukang = Palapah Daun Kalapa/ Kawung
Balukar = Akibat
Baketut = Pasemon Nu Camberut/Goreng Budi/Goreng Semu
Balakasikang = Awewe Nu Kalakuanna Jiga Lalaki
Baruk = Kitu / Kutan The
Barusuh = Sariawan
Basajan = Saayana / Sederhana
Basangkal = Budak Nu Teu Nurut Ka Kolot
Bebengkung = Kaen Panjang Nu Dipake Kunu Geus Ngajuru
Béwara = Berita
Belik = Pundung
Belok = Kotor Nu Napel Jeung Loba
Bérag = Jagjag / Sehat / Berseri
Biheung = Teuing / Can Tangtu
Bireuk = Teu Wawuh
Boboko = Wadah Sangu Tina Anyaman
Bobor = Maot / Tiwas / Cilaka
Bogol = Bagian Tangkal Kalapa/ Cau Nu Panghandapna (Tempat Bijilna Akar)
Boyot = Leumpang Kendor Bangun Bareurat Awak, Mindeng Katinggaleun Batur
Bedang = Wangkelang/Bedegong/Murugul Mawa Karep Sorangan
Berewit = Babarian Katerap Panyakit/Mindeng Gering/Budak Nu Loba Kahayang Tur Hese Dicumponana
Binangkit = Rea Kabisa
Baralak/ Barangbang = Daun Kalapa Nu Geus Garing Dina Tangkalna
Bayeungyang = Hareudang Pisan
Beueus = Lembab /Rada Baseuh
Bojo = Pamajikan
Buncir = Pinuh Ku Eusi
Bujangga = Tukang Nyieun/ Nulis Carita
Buruan = Halaman Rumah
Bubulak = Sarupa Tegalan, Tanah Nu Pinuh Ku Jukut Nu Aya Di Lamping Atawa Di Pasir
Bungin = Pulo Di Muara Walungan
Caah = Banjir
Cacap = Beres / Tamat
Calakan = Babari Ngarti Kana Pelajaran Atawa Kana Hal-Hal Anu Anyar
Campego = Cingogo Kawas Aya Nu Didagoan
Candeluk / Cindeluk = Diuk Sabaraha Lilana Kawas Aya Nu Didagoan
Candoli = Tukang Ngajaga Pabeasan Di Nu Kariaan (Biasana Awewe)
Cangogo/ Cingogo = Nagog, Peta Saperti Nu Keur Bubuang
Carécét = Saputangan
Carogé = Salaki
Catang = Tangkal Kai Nu Geus Ngagoler (Garing) Lantaran Runtuh Atawa Dituar
Cilingcingcat = Bulak Balik Unggal Usik
Capétang = Pinter Tur Lancar Ngomong (Budak)
Caréraman = Budak Nu Sok Kabitaan Ku Barang Nu Aya Dibatur
Cawokah = Wani / Rada Nuju Kanu Jorang
Célémbéng = Loba Omong (Budak)
Cidra = Teu Nohonan Jangji, Jalir
Cileureun = Balangah = Teu Nenjo Nu Ngaganggu Barang Nu Keur Dijaga
Cilimit = Budak Nu Resep Ngaheureuyan Awewe = Sok Menta Kadaharan Nu Aya Di Batur
Cirigih = Budak Nu Sok Resep Ngaheureuyan Batur
Codéka = Laku Lampah Goreng
Cologog = Kalakuan Nu Teu Make Tatakrama
Conggah = Leuwih Loma / Akrab Someah
Curaling = Sok Resep Pulang-Paling
Dalit = Deukeut / Akrab / Karib
Daréhdéh = Someah / Akuan / Matak Resep Omonganana
Daria = Migawe Hiji Hal Kalayan Enya-Enya
Dareuda = Ngomong Di Barengan Ku Kasedih / Kabungah Nu Nyedek
Dayeuh = Kota
Dedegler = Gampang Teuteunggeul Bari Tara Asa-Asa / Taya Rasrasan
Deleka = Julig = Resep Nyusahkeun Atawa Nyilakakeun Batur
Déog/ Péngkor = Leumpang Dingdet Lantaran Suku Nu Sabeulah Rada Pondok
Derentén = Kebon Binatang
Deuheus = Deukeut / Tepung
Deungeun = Batur
Dohot-Dohot = Leumpang Lalaunan Bari Semu Dodongkoan Cara Peta Nu Ngadodoho
Doja = Coba / Ganggu
Dudukuy = Sabangsa Topi
Dungus / Rungkun = Gundukan Tatangkalan Laleutik Nu Rada Rembet (Di Leuweung)
Duriat = Rasa Kacinta
Écag = Turun
Écés = Jelas
Égang/ Égol = Leumpang Jiga Budak Nu Anyar Disunatan Lantaran Bisul Dina Palangkakan, Jste.)
Élékésékéng = Teu Daek Cicing
Élodan = Teu Boga Pamdegan / Tuturuti
Émok = Diuk Awewe, Sukuna Duanana Ditikelkeun Semu Ka Gigir, Ditindihan Ku Dua Pingping
Émok Cabok = Emok Nu Pingpingna Dipatumpangkeun
Enggon = Kamar
Énjing = Isuk / Besok; Énjing-Énjing = Isuk-Isuk / Pagi Hari
Épés Méér = Elehan
Eunteung = Kaca Cermin
Euntreup = Hinggap
Euyeub = Loba / Seueur
Galengan = Tambakan Leutik (Ngagaleng Manjang) Ngawangun Kotakan Sawah.
Galur = Jalan
Garihal = Kasar
Garwa = Istri/Pamajikan
Gawir = Sisi Jurang, Tanah Anu Mudunna Nyuksruk Atawa Sisi Tanah Anu Lungkimpoig
Géhgéran = Latah
Gending = Tukang Nyieun Parabot Tina Kuningan
Geumpeur = Gugup
Geuwat = Buru / Enggal
Girang = Tempat Jol Ngocorna Cai: Cai Ngocorna Ti Girang Ka Hilir
Goah = Gudang
Gohgoy = Batuk
Gondewa = Busur Panah
Guligah = Bangblas Hate Tur Gumbira
Golodog = Teras
Gonjléng = Leumpang Awewe Bari Ngobah-Ngobahkeun Awak, Haying Narik Perhatian Lalaki
Haat = Karunya
Halimpu = Raos Kadanguna / Merdu
Halodo = Usum Panas / Teu Hujan
Hanaang / Halabhab = Haus
Hanjelu = Hanjakal
Harupat = Sabangsaning Injuk Nu Teuas Tina Tangkal Kawung, Siga Nyéré
Hariwang = Hhawatir
Hémeng = Heran
Heuleut = Saat / Jeda
Hieum = Iuh Loba Tatangkalan
Hilir = Tempat Nu Dituju Ku Cai Ngocor Lantaran Leuwih Handap, Sabalikna Tina Girang
Honcéwang = Sieun
Huma = Tanah Darat Nu Dipelakkan Pare Teu Dikocoran Cai (Ngandelkeun Cai Hujan), Di Sisina Sok Dipelakkan Palawija.
Hunyur = Taneuh Nu Munjukul Siga Imah Rinyuh Di Tegal
Icikibung = Ancrub / Terjun / Terlibat
Idekliher = Ulin / Gaul Di Tempat Nu Sarua
Igel = Joged
Ijid = Geuleuh Kacida
Ijir = Taksir / Kira-Kira
Ilahar = Lumrah
Inggis = Sieun / Paur
Ingkab = Kelek
Inohong = Gegeden
Ingon-Ingon = Sasatoan Nu Di Piara / Ternak
Ingkud-Ingkudan/ Jingkrung = Leumpang Teu Bener Lantaran Nyeri Suku, Jste.
Ipet = Sila
Iwung = Anak Awi Nu Mangrupa Boros Keneh (Sok Didahar= Disepan Diangeun)
Iteuk = Tongkat Paragi Leumpang
Itikurih = Leukeun Neangan Rejeki
Jalir = Teu Minuhan Jangji
Jalugjug = Jangkung
Jamparing = Anak Panah
Jajatén = Kasaktian / Kabisa
Jarigjeug/ Jumarigijeug = Leumpang Bari Semu Rek Labuh, Biasana Jalma Nu Geus Kurang Tanaga Atawa Nu Kakara Hudang Gering.
Jenengan = Nami
Jéntre = Jelas / Cekas
Jigrah = Jajag / Sumanget
Jingjet = Leumpang Semu Hese Ngalengkah Lantaran Cacad Suku Atawa Make Samping Nu Heureut Teuing
Kabayan = Tukang Dititah Ka Dittu Da Dieu
Kabojengkéng = Tukang Ngagusur Padati
Kajineman = 1) Mandor Sakitan, 2) Tukang Ngajaga Jinem (Nu Dihukum)
Kakasih = Nami
Kalakay = Daun Nu Geus Garing (Nu Geus Murag Ka Taneuh)
Kantun = Sesa / Tinggalkeun
Kawalon = Tere
Kamasan = Tukang Nyieun Parabot Tina Emas Atawa Perak
Kararas = Sesebutan Husus Pikeun Daun Cau Nu Geus Garing
Karees = Sisi Walungan Nu Rea Keusikan Minangka Kikisik
Katiga = Usum Halodo
Képoh = Leumpang Teu Bener Lantaran Tuur Rada Paadu (Kawas Aksara X)
Kikisik = Sisi Laut Nu Mayak Sarta Keusikan
Kinten = Kira-Kira
Kintun = Kirim
Kiwari = Ayeuna
Koléang = Daun Nu Geus Garing, Nu Ngoleang Murag Tina Tangkalna (Samemes Tepi Ka Taneuh)
Kukurubutan = Leumpang Rada Dodongkoan Dinu Bala Atawa Dinu Remet Kakayon
Kulaér = Kusir Anu Tumpakna Dina Kuda Kareta Pangagung
Kumed = Pedit Kacida
Kuncén = Tukang Ngurus Kuburan
Kolécér = Kipas / Baling-Baling
Lalawora = Gagabah
Lali = Poho
Lamping = Bagian Gunung Atawa Pasir Antara Puncak Jeung Tutuganana / Bagian Gunung Luhureun Tutugan Atawa Sukuna.
Landeuh = Tempat Anu Leuwih Handap Ti Tempat Urang
Landong = Ubar
Layon = Jasad Nu Maot/Mayit
Lebak = Tempat Nu Leuwih Handap Ti Batan Tempat Urang Cicing
Legig = Tukang Ngasruk Dina Pamoroan
Legok = Tempat Nu Rada Handap Ti Tempat Nu Aya Di Sakurilingeunana.
Legon = Bagian Basisir Anu Ngelok Ka Darat, Sarupa Teluk Ngan Leuwih Leutik
Léngkob = Tempat Anu Legok Antara Dua Lamping
Leleson = Istirahat
Lémbar = Diuk Bari Ngalonjorkeun Suku Duanana
Lésang = Leueur / Licin
Leuit = Tempat Nyimpen Pare
Leuwi = Walungan Nu Gede Tur Caina Tenang
Lisah = Minyak
Lipeuran = Pohoan
Loket = Dompet
Lamokot = Belepotan
Lugina = Tengtrem / Bagja Hate
Lungsé = Leuleus / Cape
Luyu = Panuju / Bener Dina Aturan
Mancawura = Mawur Kamamana
Malahmandar = Supaya / Mugi-Mugi Janten Sabab
Malim = Tukang Nalukkeun Sasatoan
Manah = Hate
Maneuh = Angger / Tetep Tutuluyan
Mangsa = Waktu
Maranggi = Tukang Nyieun Landean Jeung Sarangka Keris
Medar = Muka / Ngaguar Jeung Metakeun
Meupeus Keuyang = Ngabudalkeun Kakeuheul Atawa Amarah Ka Nu Teu Tuah Teu Dosa, Tampolana Kana Barang, Lantaran Ka Nu Boga Kasalahanana Mah Teu Wani Ngambek.
Merebot = Tukang Nakol Bedug
Mindo = Ngaduakalian
Miwah = Sareng
Moyongkod/ Mongkoy = Leumpang Anca Rada Dongko, Nembongkeun Ulat Sieun Atawa Era
Mucekil = Mundel / Loba Hasilna
Munggaran = Mimiti
Murangkalih = Budak Leutik
Nagog = Cingogo
Nanggeuy Gado = Diuk Biasa Ngan Leungeun Sabeulah Dipake Nanggeuy Gado, Biasana Keur
Ngalamun Atawa Bararingng Pipikiran
Nalika = Hiji Mangsa / Ketika
Narabas = Leumpang Di Nu Bala Atawa Din U Remet Kalawan Teu Midul Cucuk, Jsb.
Nékér = Leumpang Di Tempat Nu Nanjak Pisan (Netek)
Nelenden = Leumpang Budak, Anca, Pikalucueun
Ngabadaus = Leumpang Semu Gancang, Teu Luak Lieuk
Ngabaheuhay = Diuk Nyanghunjar Bari Suku Direnggangkeun, Biasana Lantaran Cape
Ngabéngbéos/ Mengpéos = Leumpang Teu Luak Lieuk, Biasana Lantaran Aya Kakeuheul, Kateusugema, Jste.
Ngabring = Leumpang Babarengan (Lobaan)
Ngabrul = Kaluar Atawa Indit Babarengan
Ngaburudul = Kaluar Lobaan Ti Tempat
Ngadaligdeug/ Dalugdag-Daligdeug = Leumpang Kawas Nu Mabok, Kawas Nu Rek Titotolonjong, Jarugjag-Jarigjeug
Ngadédod = (Awewe) Nu Leumpang Anca, Sarta Biritna Ka Kenca Ka Katuhu
Ngadigdig = Leumpang Gancang Sarta Segut
Ngadigleu = Leumpang Kendor, Semu Bareurat Ngalengkah
Ngadudud = Leumpang Gancang Teu Luak-Lieuk
Ngagandeuang = Leumpang Bari Dada Ajeg, Bari Keupat Laun
Ngagéang =Leumpang Semu Egang
Ngageblay = Leumpang Awewe, Anca, Bari Keupat Laun, Geblay-Geblay
Ngageblig = Leumpang Bari Neundeut-Neundeutkeun Suku Tepi Kadenge Sora Blig, Blig, Blig, Sabalikna Tina Keketeyepan.
Ngagéboy = Leumpang Awewe Nu Rada Lintuh, Awakna Semu Leuleus
Ngagégag = Leumpang Kendor Semu Bareurat Awak
Ngageuyeunggeung = Leumpang Laun Nu Keur Gering Atawa Nu Kakara Hudang Gering
Ngagéyot/ Ngagiyet = Leumpang Awewe Bari Semu Ngobah-Ngobahkeun Bujur
Ngagidig/ Ngagedig = Leumpang Gancang Sarta Segut (Sarua Jeung Ngadigdig)
Ngagigeug = Leumpang Semu Beurat Ku Awak, Oyag Ka Kenca Ka Katuhu.
Ngagilincing = Sesebutan Nu Keur Leumpang Teu Mawa Naon-Naon
Ngagiplek = Leumpang Awewe Bari Semu Ngagutak-Gitek Bujur
Ngalageday/ Ngalegeday = Diuk Nyangsaya (Biasana Dina Korsi Males, Jste.)
Ngalanggéor = Leumpang Awewe, Biasana Nu Lenggik, Nu Alus Katempona
Ngalejeg/ Lajag-Lejeg = Leuleumpangan Dihareupeun Batur Bari Ambek
Ngalénghoy = Leumpang Alon Lantaran Cape
Ngaleut = Leumpang Babarengan (Jalma Na Leuwih Loba Tibatan Ngabring)
Ngaleyad = Leumpang Anca Diaplen
Ngantay = Sarua Jeung Ngaleut
Ngebebengkong = Diuk Lila Rada Semu Bengkung, Bari Nganggur
Ngeteyep = Leumpang Laun (Biasana Nu Keur Ngintip) Sieun Kadenge/ Katempo Ku Batur
Ngeungkeuy = Saharti Jeung Ngaleut
Ngijih = Usum Hujan
Ngiciprit = Leumpang Keur Waktu Hujan Atawa Loba Keneh Cileuncang
Ngincid = Leumpang Gancang Sorangan
Ngingkig = Leumpang Ganjang Teu Luak-Lieuk
Ngungkug = Leumpang Gancang Teu Luak-Lieuk
Niliktik = Leumpang Budak Nu Kakara Bias Leumpang Gancang, Titiliktikan Ka Ditu Ka Dieu
Nogéncang = Salah / Henteu Pas / Bengkok
Nolog = Lempang Talag-Tolog (Lantaran Teu Awas) Di Nu Poek
Noyod = Leumpang Nurutkeun Karep Sorangan, Teu Malire Ka Nu Nyaram
Nyanghunjar = Diuk Bari Ngalonjorkeun Suku Sabeulah
Nyangsaya = Diuk Bari Nyarandekeun Awak Kana Tempat Nu Disarandean
Nyarawedi = Tukang Ngagosok Permata
Nyelenceng = Leumpang Gancang Sosoranganan, Miheulaan Batur
Nyerenteng/ Nyirinting = Leumpang Semu Lumpat Nyampeurkeun Batur (Bari Ambek)
Nyuprih = Neangan
Ocon = Heureuy
Olohok = Bengong
Olok = Hambur
Openan = Usil / Iseng
Ontrog = Didatangan Bari Ambek
Otokowo = Cicing Wae Dina Hiji Tempat Atawa Pagawean Teu Daek Liar
Owah = Robah / Gelo
Owel = Lebar / Pedit
Padaringan = Wadah Beas
Pancén = Tugas
Palias = Cadu / Embung Pisan
Pahatu = Piatu, Pahatu Lalis = Yatim Piatu
Pajaratan = Kuburan
Pajeng = Payung Atawa Payu (Dagang)
Pakacar = Bujang, Juru Laden
Pakeun / Pikeun = Kanggo / Supaya / Jadi Sabab; Dianggo Kumaha Kalimahna
Pakéwuh = Kariweuhan; Bancang Pakéwuh = Bencana / Cocoba / Dodoja
Palatuk = Iber Anu Tumpak Kuda Saheulaeun Pangagung
Palédang = Tukang Nyieun Parabot Tina Tembaga
Palika = Tukang Teuleum (Ngala Lauk)
Paliré = Tingali / Perhatikeun
Paluruh = Pilari / Teangan
Pamatang = Tukang Moro (Nu Sok Ngagunakeun Tumbak)
Pamayang = Tukang Ngala Lauk Di Laut
Pameunteu = Raray / Wajah
Pancar = Tangkal Awi Nu Geus Garing (Sok Dipake Suluh)
Panday = Tukang Nyieun Parabot Tina Beusi
Panékér = Bantu Paragi Nyieun Seuneu
Paneresan = Tukang Nyadap
Pangpung = Bagian Dina Tangkal Kai, Dahan, Nu Paeh/ Garing
Paninggaran = Tukang Moro
Papastén = Takdir
Pasalia = Beda / Teu Sarua
Pasanggiri = Lomba
Patulayah = Balatak / Berserakan
Pawon = Dapur
Piroséa = Perhatikeun Neken Kana Ngurus
Pituin = Asli
Pohara = Loba
Petét = Bibit Tutuwuhan Nu Leutik Keneh, Nu Jadi Sorangan Atawa Beunang Ngahaja Melak
Pinton = Nu Di Lalajoan / Tayang
Pipir = Sisi Imah
Purunyus = Cengos Ka Awewe Cunihin Nu Pikasebeleun / Genit Banget
Raksukan = Acuk/Baju
Ramisak = Berlinang Air Mata
Ranca = Rawa
Rancatan = Awi Paranti Naggung
Rarampéolan = Leumpang Semu Leuleus (Nu Keur Mabok, Jste.)
Rawuh = Sareng
Rayungan = Teu Boga Pamadegan
Rébo = Riweuh Ku Babawaan / Sagala Di Bawa
Régol = Kampung Nu Pernahna Aya Sabudeuren Gedong Kabupatén Beulah Tukang.
Reuma = Tanah Darat Urut Huma Anu Keur Direureuhkeun Lantaran Geus Teu Subur Deui
Rempan = Inggis / Paur
Reueus = Resep
Rincug = Leumpang Teu Bener Lantaran Nyeri Dampal Suku, Atawa Leumpang Di Nu Bala Sieun Kacugak Lantaran Teu Make Sandal/ Sapatu
Ropéa = Benerkeun / Koreksi
Ruhay = Bara/Dapuran Seuneu
Rumingkang = Ngalalana / Ngalakonan Kaayaan
Ruyung / Bogor = Bagian Anu Teuas Dina Tangkal Kawung
Sabataé = Boga Waktu Luang / Santai
Sagara = Laut / Samudra
Sampalan = Tegal Tengah Leuweung Tempat Nyatuan Sato Jarah
Samporét = Meped / Saeutik
Saksén = Saksi
Sanajan = Walaupun
Sangkan = Supaya / Supados
Sarati = Tukang Ngusir Gajah
Sawala = Musawarah / Rundingan
Sédong = Angkrong Di Sisi Walungan Di Jero Leuwi.
Sémah = Tamu
Sésélékét = Leumpang Di Antara Jelema Loba
Seselendep = Sarua Jeung Seseleket
Sidéngdang = Diuk Bari Suku Duanana Dirumbaykeun (Biasana Diuk Di Imah Panggung Nu Aya Kolongan); Lamun Suku Duanana Diayun-Ayun, Disebutna Ucang-Ucangan; Lamun Suku Nu Diayun-Ayunna Bari Didiukan Budak, Disebutna Ucangangge (Sarupa Kaulinan)
Sideuha = Diuk Emok Atawa Sila Bari Leungeun Sabeulah Dipake Nulak Awak
Sila = Diuk Bari Nikelkeun Suku Duanana Handapeun Pingping Nu Didengkakkeun
Sila Andekak = Sila Semu Rubak, Biasana Bari Nyanghareupan Kadaharan
Sila Ipis = Sila Rubak, Tuur Anggang Pisan Tepi Ka Jebrag
Sila Mando = Sila Bari Leungeun Duanana Aya Di Anatar Dua Suku Nu Ditumpangkeun, Awak Biasana Semu Doyong Ka Hareup
Sila Tumpang = Sila Bari Dampal Suku Duanana Numpang Dina Pingping Keca Katuhu
Sila Tutug = Suku Nu Sabeulah Sila, Sedeng Nu Sabeulah Deui Ditutugkeun
Silih = Saling
Singkang = Leumpang Semu Jegar Lantaran Sukuna (Ti Lebah Tuur Ka Handap) Semu Kaluar, Sabalikna Tina Kepoh)
Siloka = Ngandung Harti Lain / Ibarat
Simbeuh = Cepretan Cai
Singer = Hade Gawe Bari Hideng
Siram = Ibak / Mandi
Sirung = Pidahaneun Atawa Pitangkaleun Nu Kakara Jadi, Melentis
Somang = Jurang Anu Gurawés Sarta Jero.
Songsong = Paranti Ngahurungkeun Hawu
Sosi = Konci/Tulak
Sologoto = Ceroboh
Sulaya = Salah / Nyalahan / Jalir
Supata = Sumpah
Takoah = Kupat Tahu
Tagog = Wujud / Tingkah
Talatah = Pesen / Pang Bejakeung
Taluntik = Teliti
Tandang = Tampil
Tanginas = Hudang / Datang Leuwih Awal
Tanwandé = Pasti
Taraju = Bahu / Taktak Duanana
Tarekah = Usaha / Cara
Tawis = Tanda
Tepas = Teras/Beranda
Tipar = Pihumaeun Méméh Disasap Atawa Dipacul.
Tonggoh = Tempat Anu Leuwih Luhur Ti Batan Tempat Urang Cicing.
Toloheor = Mata Karanjang, Bogoh Ka Unggal Awewe, Bangor Ka Awewe
Tonggoy = Lumping Teu Luak Lieuk, Bari Tungkul, Teu Mirosea Ka Nu Ngageroan
Totolonjongan = Leumpang Kawas Nu Rek Tijongjolong
Tunggul = Bagian Tangkal Sesa Nuar
Turugtug, Nurugtug = Leumpang Gancang Di Nu Mudun
Tutugan = Suku Gunung, Bagian Gunung Beulah Handap
Tuturubun = Leumpang Turun Rurusuhan, Buru-Buru
Tunggara = Sangsara / Sedih / Merana
Udar = Buka
Uduh = Babari Ruksak
Udur = Gering
Ulem = Ondang / Undang
Unggah = Naek
Unggal = Tiap-Tiap
Usik = Gerak / Waktu
Ulubiung = Ngiluan / Partisipasi
Ulukutek = 1. Gaul Di Hiji Tempat Nu Angger Atawa 2. Sabangsa Dahareun
Waas = Ngabayangkeun Hiji Kaayaan Nu Kacida Endah / Goreng
Walagri = Sehat / Jagjag
Walatra = Jelas / Nyaan Bukti
Walungan / Wahangan = Sungai
Wanci = Waktu
Wanoja = Mojang / Gadis
Wawaran = Pengumuman
Wanoh = Wawuh
Wegah = Hoream
Wentar = Nelah; Kawentar = Katelah / Terkenal
Wewengkon = Tempat / Wilayah / Widang
Widi = Ijin
Wirang = Era
Wiwaha = Pertimbangan / Wawasan
Wuwung = Suhunan Imah
Yaktos = Nyaan / Leres / Yakin
Yen = Bahwa / Nyaeta
Yuswa = Umur / Usia
NGARAN ANAK SASATOAN
1). Anak anjing = kirik
2). Anak bandeng = nener
3). Anak buaya = bocokok
4). Anak bogo = cingok
5). Anak entog = titit
6). Anak gajah = menel
7). Anak japati = piyik
8). Anak keuyeup = bonceret
9). Anak kukupu = hileud
10). Anak lele = nanahaon
11). Anak lubang = leungli
12). Anak monyet = begog
13). Anak sapi = pedet
14). Anak bagong = begu
15). Anak banteng = bangkanang
16). Anak belut = kuntit
17). Anak deleg = boncel
18). Anak embe = ceme
19). Anak hayam = ciak
20). Anak kancra = badak
21). Anak kuda = belo
22). Anak lauk = burayak
23). Anak maung = juag
24). Anak munding = eneng
25). Anak reungit = utek-utek
26). Anak ucing = bilatung
KECAP SESEBATAN BILANGAN :
1). Kecap Sesebutan Bilangan :
Salosin = dua belas (12)
Sakodi = dua puluh (20)
Salikur = dua puluh hiji (21)
Dua likur = dua puluh dua (22)
Salawe = dua puluh lima (25)
Saraju = opat puluh (40)
Sawidak = genep puluh (60)
Sagros = saratus opat puluh opat (144)
Salaksa = sapuluh rebu (10.000)
Saketi = saratus rebu (100.000)
Sayuta = sajuta (1.000.000)
2). Kecap Sesebutan Bilangan anu Dilarapkeun Kana Barang Tangu :
Ambekan = Sademi
Awi = Sabebek, saleunjeur, sadapur
Bako = Salempeng
Bangsal = sacangi (sasiki)
Bawang = sasihung
Beas = sacanggeum
Bilik = sailah
Boeh = sarirang
Cai = sakeclak
Cangkir = satangkep
Cau = sasikat
Daun = saponggol, sakompet
Eurih = sajalon
Gula Kawung = sabebek, sagandu
Hayam = sajodo
Injuk = sakakab
Jahe = sarempang
Jambe = samanggar
Japati = sajodo
Kalapa = sahulu, samanggar
Kaso = sadapur, saluwuk
Kertas = salambar
Koneng = sasolor
Munding = sarakit
Muncang = sadampa
Nangka = sacamplung
Pakean = sapangadeg
Papan = salambar
Pare = saranggeuy
Peuteuy = sapapan, sahanggor, saempong
Salak = samanggar
Samak = saheulay
Samping = sakodi
Sangu = sapiring, sabakut
Sawah = sakotak
Suluh = sahurun
Tambang/Tali = sabatekan
Uyah = sahuntu, sagandu, sabata.